Naekkeun BBM, Lain Solusi

Posted by Sunda Oke on Thursday, November 13, 2014

Ku Euis Saniah

NIAT pamarentah naekkeun harga BBM dina tanggal hiji November masih jadi wacana. Sok sanajan, enya, BBM can oge naek. Alesan rek dinaekkeunana BBM teh, cenah mah,  gara – gara  duit  subsidi keur BBM meh beuak. Naha enya naekkeun BBM jadi solusi?  

Pikeun masayarakat mah, naekna BBM teh jadi masalah nu kacida dipikahariwangna. Alesanana sederhana, lamun BBM naek harga sagala kabutuhan oge bakal naik. Balukarna, pastina bakal leuwih nyangsarakeun masyarakat leutik.  Bisa ditinggal, BBM acan naek oge, ari barang- barang di pasar mah geus aya anu naraek.

Nempo kaayaan kitu, sajumlah organisasi masyarakat jeung mahasiswa loba nu daremo. Komo di Makassar mah, cenah aya mahasiswa demo bbm nu katembak taktakna ku aparat, nu nartibkeun eta demo. Kajadian kitu tinangtu mere  pandangan goreng ka nagara urang. Nagara urang teh apanan demokratis, tapi naha malah anarkis.

Tilu “Kartu Sakti”
Dina kaayaan baluweungna mikiran bbm, dina rieutna mikiran kurangna duit nagara, ngadadak Presiden Joko Widodo ngaluarkeun kartu, nu cenah mah keur ngurangan bangbaluh masarakat, boh dina atikan, kasehatan, kitu deui karaharjaanIeu kartu teh aya tilu Kartu Indonesia Sehat (KIS), Kartu Indonesia Pintar (KIP), jeung Kartu Keluarga Sejahtera (KKS).

Ku lantaran ngadadak, loba nu nganggap goreng kana tindakan Jokowi. DPR oge teu apal eta tilu kartu teh bakal dikaluarkeun gura-giru. Loba nu nganaha-naha kana tindakan Jokowi, sabab cenah, eta tilu kartu teh can aya payung hukumna.  Nu dipikariwang teh, Jokowi meunang masalah, lantaran dianggap teu luyu aturan hukum.

Tujuan Jokowi ngaluarkeun tilu kartu teh memang alus, pikeun ngurangan bangbaluh masarakat nu teu mampuh. Tapi kitu, beban masarakat mah moal kaubaran, lamun wae BBM teh jadi naek. Nu dipikariwang deui, duit tina tilu kartu teh teu efektif  luyu jeung fungsina.

Pamarentah sakuduna neangan solusi nu alus, nu teu ngarugikeun jeung nyangsarakeun masarakat. Naekkeun BBM lain solusi nu dipiharep ku masyarakat, sabab balukarna baris tumiba ka sakumna masyarakat. Komo nu ripuh, teu mampuh, jeung katalangsara mah.
Masarakat teh miharep, pamarentahan anyar teh bisa manggih solusi nu teu ngarugikeun rahayat, utamana nu teu marampuh. Lain sabalikna, malah nambah karipuh masarakat nu hirup di nagara, nu cenah mah, beunghar sumber daya alamna. []

EUIS SANIAH, Mahasiswa Jurnalistik UIN Bandung

Blog, Updated at: 3:37 AM

INI DIA OKE

Popular Posts

Sponsor

BANDUNG OKE

BANDUNG OKE TV

Arsip Blog

Powered by Blogger.