BURUAN imah Badan Penerbitan
Pers Mahasiswa (BPPM) Balairung, Universitas
Gadjah Mada, Yogyakarta, ngadadak
rame. Sababaraha samak diamparkeun nutupan taneuh baseuh jeung daun-daun anu barala. Di hareup katempo saurang
mahasiswi nu sibuk lantaran nyuguhan cai ka tilu puluhan semah disaragam
abu-abu.
Ghembrang, ngaran eta mahasiswi, anggota Litbang Balairung nu katingali bungah ngajamu balad-baladna ti Lembaga Pers Mahasiswa (LPM) Suaka, UIN Sunan Gunung Djati Bandung.
“Kunjungan ieu
mangrupa wadah sharing antar-Pers Mahasiswa sangkan ngajalin relasi nu kuat, tur bisa apal soal
redaksi, oge manajemen pers masing-masing,” ceuk Pimpinan
Umum LPM Suaka Iqbal Tawakal, Sabtu (29/11/2014). Kagiatan kunjungan ieu teh, oge minangka
program ahir taun dina kapangurusan
LPM Suaka.
Hawa
tiis tur diguyur girimis, mancing anggota LPM Suaka
ngajukeun sagala rupa pertanyaan. Di hareup, katempo Pimpinan Redaksi BPPM
Balairung Khairul Arifin kawalahan diserbu ku loba pertanyaan. Tapi eta mahasiswa Ilmu Komunikasi semester tujuh teh bisa ngajawab rasa panasaran anggota LPM Suaka, ti mimiti soal redaksi nepi ka manajemen
perusahaan.
Arifin ngajentrekeun,
kagiatan BPPM Balairung teu jauh beda jeung kagiatan LPM Suaka. “Sakumaha nu
biasa dipigawe ku LPM Suaka, Balairung oge sami. Tapi Balairung leuwih fokus kana landasan teori tur pamantapan isu. Balairung biasana
kudu ngondang narasumber ahli heula saacan ngagarap isu,” ceuk ieu lalaki nu akrab dipanggil Ipin.
BPPM Balairung jeung
LPM Suaka terus ngajukeun pertanyaan saolah ngahapus rasa panasaran nu
aya. Dua-duana oge silih ngala pelajaran
saloba-lobana. Tapi diskusi eta teu bisa lila. Lantaran LPM Suaka kudu
ngalanjutkeun perjalanan. Diskusi LPM Suaka jeung BPPM Balairung ditutup di
hujan nu mulai turun.
Pers Mahasiswa anu
dituju ku LPM Suaka saterusna nyaeta LPM Ekspresi di Universitas Negeri
Yogyakarta. Basa nepi, LPM Suaka langsung ditampa
ku Pemimpin Divisi Jaringan Kerja LPM Ekspresi Taufik Nurhidayat. Taufik
langsung ngajamu puluhan tamuna ti Bandung teh
di ruang Sekretariat
LPM Ekspresi di Student Center.
Di eta ruangan, LPM Suaka jeung LPM
Ekspresi silih bagi carita. Iqbal Tawakal nanyakeun soal hubungan LPM Ekspresi
jeung pihak rektorat. Taufik ngajelaskeun,
hubungan LPM Ekspresi jeung pihak rektorat memang teu harmonis. “Para birokrat
kampus masih keneh kasieunan ku LPM Ekspresi. Sababaraha kali jangji wawancara, tapi
maranehna
jalir janji. Komo deui soal duit mah, hese pisan.”
Tina obrolan LPM Suaka
jeung LPM Ekspresi, Iqbal ngajen,
lamun masalah anu dialaman ku eta dua
pers mahasiswa teh teu pati jauh beda. Ceuk Iqbal, nu samistina diconto ti LPM Ekspresi
nyaeta kapekaan maranehna nu bisa ngangkat isu-isu leutik tapi penting. Selain
eta, LPM Ekspresi oge geus mampu medalkeun
sababaraha buku nu mibanda kualitas.
“Ieu pelajaran nu kudu diconto ti
LPM Ekspresi!” ceuk Iqbal.
Sumanget Anyar
Teu beres nepi dinya,
LPM Suaka oge nyimpang ka LPM Arena di UIN Sunan Kalijaga. Suasana di
LPM Arena karasa leuwih akrab ku lantaran latar belakang universitas nu sarupa.
Di ditu, LPM Suaka dipandu ku Redaktur Bahasa LPM Arena, Kang Sabiq. Manehna kungsi jadi mahasiswa di UIN Sunan
Gunung Djati Bandung samemeh
pindah ka UIN Sunan Kalijaga.
Kunjungan ka LPM
Arena nyesakeun ‘iri’ dina sababaraha anggota LPM
Suaka. Lantaran fasilitas nu disadiakeun ku UIN Sunan Kalijaga jauh leuwih
lengkep dibanding di UIN Sunan Gunung Djati
Bandung. Saperti nu diungkapkeun Redaktur Online LPM Suaka Adi Permana, “Di dieu hebat. Bayaranna
murah pisan,
tapi disadiakeun fasilitas nu lengkap. Pantes wae lamun LPM Arena bisa laluasa nyiptakeun karya”.
Teu lila di UIN Sunan
Kalijaga, LPM Suaka neruskeun
kunjunganana.
Ayeuna ka LPM Pendapa di Taman Siswa, ieu jadi tujuan pamungkas. Pamingpin Umum Pendapa Isnan
Waluyo nandeskeun, pihakna kagum ka LPM Suaka
nu bisa terus nyiptakeun karya mandiri jeung teu ngandelkeun rektorat. “Salut
ka Suaka, kumaha nya bisa terus hirup ku dana terbatas, tapi produkna berkualitas?”
Obrolan LPM Suaka
jeung LPM Pendapa harita loba ngahasilkeun sumanget anyar. Saperti semangat anu
ditunjukkeun ku anggota LPM Pendapa nu kalobaan mahasiswa semester tilu jeung
lima. “Maranehna bisa ngahasilkeun karya,
sedengkeun anggotana masih keneh ngarora jeung teu loba, sakuduna LPM Suaka
bisa nyonto ka Pendapa,” ceuk Pimpinan Redaksi Suaka Ratu Tresna.
Kunjungan LPM Suaka
ka Pers Mahasiswa di Yogjakarta
ngahasilkeun loba inspirasi. Soal sumanget nu kudu terus digedurkeun, karya nu terus hirup oge
kakuatan tekad nu teu meunang epes meer.
Perjalanan LPM Suaka poe eta dipungkas
di Jalan Malioboro nu iuh. [] Adam
Rahadian Ashari | UAS-Jurnalistik Sunda | Fidkom UIN Bandung