Lahan Parkir Heurin, Kumaha Ngabebenahna?

Posted by Sunda Oke on Thursday, November 13, 2014

Foto: http://romelteafoto.blogspot.com/
BANDUNG -- Minimna lahan parkir di UIN Bandung teh dilantarankeun euweuh deui lahan nu bisa dipake. Meuli lahan, euweuh belieun. Nya salasahiji carana, memeres parkir dina lahan nu aya heula. Kitu ceuk Kepala Pusat Pengembangan Bisnis UIN SGD Bandung Ayi, Rebo (5 / 11 /2014) kaliwat.
 Kapala Bagean Umum Fathujaman oge ngadadarkeun, dugi ka kiwari loba keneh kandaraan nu parkir di jajalaneun kampus, sabab minimna lahan parkir ti basa pangwangunan gedong anyar rengse. “Tapi da teu boga pilihan sejen, salian ti ngamangpaatkeun lahan nu aya,” pokna.
Butuh tarekah, di antarana ngomean infrastruktur, saperti ngalegaan jalur asup kandaraan jeung ngabeberes lahan nu teu dipake. Ayi nyebutkeun, aya lima tempat nu bisa dijadikeun lahan parkir, nyaeta di satukangeun Fakultas Ushuludin, gigireun aula anyar,  jeung Gazebo.
Dua Tarekah
Gawe bareng jueng PT. Trilogal, UIN nyawalkeun dua sistem parkir nu baris dikokolakeun di ieu kampus, Kahiji, sistem finger print. Saban nu mawa kandaraan nyeu-scan curuk, terus mayar Rp1000 sapoena. Kadua, ngagunakeun simcard. Naha engke dibagikeun haratis, atawa kudu mayar saban bulanna. Bisa oge dibayar saban bulan sangkan leuwih murah dibanding saban poe. Tangtu gumantung kaputusan.
Panghasilan tina duit parkir teh saban bulanna, ceuk Ayi, 60 keur kampus, 40 keur nu ngelola. Tapi eta aturan eta can jinek. Lamun geus disaluyuan, eta panghasilan teh baris asup kana Pendapatan Keuangan Badan Layanan Umum ( PK BLU)
Jumlah mahasiswa UIN dina saban tauna beuki loba. Teu sabanding jeung mahasiswa rengse. Lahan parkir sababaraha taun ka hareup bakal beuki heurin.
Fathujaman mere jalan kaluar. Dua konsep nu tiasa janten solusi di antaaran ngabangun gedong parkir atawa meuli deui lahan. Keur gedong parkir, lamun teu aya ti pamarentah, rek nyieun konsorsium jeung pihak perusahaan. [] Ahmad Sidik Suganda |  Jurnalistik 5 A | UIN SGD Bandung


:: Praktek Mata Kuliah Jurnalistik Sunda |
    Prodi Jurnalistik Fakultas Dakwah dan Komunikasi |
    UIN SGD Bandung |

Blog, Updated at: 2:29 AM

INI DIA OKE

Popular Posts

Sponsor

BANDUNG OKE

BANDUNG OKE TV

Arsip Blog

Powered by Blogger.