Opat Babak Ahad Khalaqah di UIN Bandung

Posted by Sunda Oke on Sunday, November 16, 2014

BANDUNG -- Dewan Mahasiswa (Dema)  UIN Sunan Gunung Djati Bandung  ngabuka acara pelatihan kewirausahaan kalawan ngangkat tema  “Membangkitkan Jiwa Wirausaha Kreatif untuk Menghadapi Perdagangan Bebas 2015,” di Aula kampus, Kemis (6/11). Andri Juwandi, Ketua HIPMI Kabupaten Bandung sakaligus nu ngabogaan perusahaan Tahu-Pop kapeto ngeusi materi di poe mimiti.
Acara nu diayakeun ku Dema digelar salila sabulan. Dema ngabagi acara opat babak dina sabulan, nu diaranan Ahad Khalaqah, nu hartina kagiatan nu dilaksanakeun tiap poe Ahad.
Kagiatan  ka hiji dieusi ku bubuka acara jeung Training Motivasi. Kagiatan kadua dieusi ku kajian Basic Plan, kagiatan katilu Presentasi Proposal peserta, atuh kagiatan nu ka opat mah panutupan.
Salila sabulan acara lumangsung, pamilon pelatihan diseleksi tina proposal nu diajukeun ka panitia. Nu lulus seleksi bakal meunang modal usaha pikeun ngawujudkeun usahana.
“Acara ieu digelar pikeun nyiapkeun mental mahasiswa dina nyanghareupan Perdagangan Bebas taun 2015,” ceuk Ketua Pelaksana Rika Muslihat. [] Lisna Novita | 1124050079 | Jurnalistik 5B UIN Bandung

:: Praktek Mata Kuliah Jurnalistik Sunda |
    Prodi Jurnalistik Fakultas Dakwah dan Komunikasi |
    UIN SGD Bandung |




Blog, Updated at: 4:51 PM

INI DIA OKE

Popular Posts

Sponsor

BANDUNG OKE

BANDUNG OKE TV

Arsip Blog

Powered by Blogger.