“Fashion Show” ala MAN 1 Bandung

Posted by Sunda Oke on Saturday, December 6, 2014

BANDUNG – Paling copel aya lima busana karya siswi Jurusan Tata Busana Madrasah Aliyah Negeri (MAN) 1 Bandung nu dipintonkeun ka siswi-siswa sejenna. Kagiatan nu digelar dina wujud “Fashion Show” teh nu dilaksanakeun Gedung PSBB, Jumaah ( 05/12/2014).

Fashion Show ieu teh mangrupa kagiatan ujian ti para mahasiswa UPI nu keur ngalaksanakeun PPl di MAN 1 Bandung. Ieu kagiatan teh, oge mangrupa acara nu maneuh saban taun, nu diluluguan ku Program Studi Tata Busana.

Lian ti eta, oge mangrupa apresiasi ka para siswa pikeun leuwih kamotivasi dina wirausaha atau neruskeun atikan ka paguron luhur, hususna dina widang Tata Busana.
Ella, salah sahiji juri sakaligus guru Tata Busana ngajentrekeun, karya nu dihasilkeun aya 5 jenis, nyaeta produk rok, nyieun rupa-rupa saku, tata rias tudung, tur nyieun teknik hias jeung quilting, tur teknik hias nyimpen benang.

Lian ti jurusan Tata Busana, eta kagiatan oge ngalibetkeun para siswa jeung siswi ti jurusan Komputer, Bahasa jeung Mesin. Guru nu kapeto jadi juri aya 5, jeung para mahasiswa UPI nu ngadadarkeun desain raksukan. [] Hairunnisya | 1124050058 | UAS-Jurnalistik Sunda 

Blog, Updated at: 9:13 AM

INI DIA OKE

Popular Posts

Sponsor

BANDUNG OKE

BANDUNG OKE TV

Arsip Blog

Powered by Blogger.