Reueus, Barudak PCMS School Jarago Maen Musikna

Posted by Sunda Oke on Thursday, January 1, 2015

BANDUNG -- Purwacaraka Musik Studio (PCMS) School unjuk kabisa di Metro Endah Mall,  Jalan Soekarno Hatta, Bandung, Minggu (28/12).  Ieu pagelaran teh lian ti minangka tarekah nembongkeun kaparagilan para siswa, oge manrupa sarana promosi ka masarakat.
Pagelaran musik nu mangrupa acara rutin taunan ieu teh nyokot tema “Cerdas Bersama Musik”. Barudak silih ujuk kamaheran ngamaenkeun pakakas musik, dibarung ku mintonkeun paduan suara.
Ihya, salah sahiji peserta didik PCMS School nandeskeun, ieu acara teh saleresna mah kasempetan pikeun mintonkeun pangabisa dina sual ngamusik ka masarakat.  “Sakolah musik, mangrupa wadah kanggo diajar musik leuwih jero, oge tiasa langkung ngaronjatkeun kreatipitas dina maen musik,” pokna.
Pagelaran teh dipintonkeun sangkan balarea tiasa langkung teurang kana musik, tur parigel ngamaenkeunana.  Ieu pagelaran teh oge sakalian pikeun promosi PCMS School ka balarea.
Nona, salah saurang wanoja nu asalna saukur ngaliwat, basa nempo aya pagelaran musik, reueus. “Ngahibur pisan. Minangka nu mikaresep kana musik, abdi reueus ningalna. najan umurna masih barudak keneh, tapi maranehanana tos tiasa ngamaenkeun musik sajago eta,”  pokna teh.
Acara lumangsung rame. Nu datang ka mall antusias nyaksian barudak didik ti PCSM School ngamenkeun alat musik. Pagelaran musik ditutup ku pintonsn paduan suara ti kelas vocal PCMS School.

[] Faisal Azhari | UAS Jurnalistik Sunda | 1124050048 | Jurnalistik UIN Bandung

Blog, Updated at: 6:26 AM

INI DIA OKE

Popular Posts

Sponsor

BANDUNG OKE

BANDUNG OKE TV

Arsip Blog

Powered by Blogger.