Minat Maca di Jabar Ngan 58,2%

Posted by Sunda Oke on Thursday, November 13, 2014

Ilustrasi: Net
BANDUNG--Kamajuan jaman nu beuki modern, lian ti mere pangaruh hade, oge aya pangaruh gorengna. Nasib pabukon atau perpustakaan bisa jadi bukti. Karesep maca buku di pabukon, jigana beuki nyirorot. Loba balarea nu geus malire deui dunya pabukon. Nu jadi lantaran, di antarana, lobana teknologi canggih nu leuwih gampil tur praktis pikeun neang informasi, ngagantikeun buku.
Tina panalungtikan Tim Pemetaan Budaya Maca nu dilaksanakan ku Bapusipda Jawa Barat 2013 nyebutkeun, minat maca di Jawa Barat saukur aya dina angka 58 , 2 persen. Perkara ieu ditepikeun ku Agus Rusmana, nu oge dosen di Fikom Unpad. Eta panalungtikan teh didasarkeun kana ukuran jumlah nu datang ka perpustakaan di Jawa Barat. Diitung perpoe, dibagi jumlah nu nyicingan eta tempat. Hal ieu pisan nu nangtukeun minat maca di Jawa barat dipeunteun leutik.
“Eta sababna nileyna alit, lamun tina itungan sepertos eta,” saur Agus, waktu ditepungan di Bapusipda Jawa Barat, Salasa (22/7/2014).
Nanging itungan semodel kitu teh can pasti. Sabab, aya keneh cara ngitung sejenna pikeun nangtukeun minat maca di Jawa Barat.  Saperti panalungtikan nu dipigawe ku Ikatan Penerbit Indonesia (IKAPI) Jabar, nu ngindekkeun yen niley minat maca di Jawa Barat geus kaitung luhur. Eta itungan teh  didasarkeun kana sababaraha jumlah buku nu geus kajual di toko buku nu sumebar di Jawa Barat.
Panalungtikan anu didasarkeun kana jumlah nu datang ka pabukon, kaitung susah. Lantaran, lobana pabukon nu can sadar kumaha pentingna ngadata nu datang ka pabukon. “Sesahna, seueur perpustakaan nu teu kersaan nyatet nu nganjang, ” ceuk Agus.
Lamun bisa mah kudu jadi aturan maneuh, sangkan sakabeh pabukon ngadata saha bae nu datang.  Dicatet oge jumlahna.
Kaitung Loba
Sawatara eta, Kepala Pustaka dan Kearsipan Jabar Enny ngajentrekeun, jumlah nu datang ka perpustakaan daerahna geus kaitung loba. Ayana pabukon, pokna deui, kacida ngabantuna pikeun masarakat, utamana barudak nu pikeun nambahan pangaweruhna.
Enny oge nandeskeun, disain gedongna mah geus seperti pabukon di tingkat internasional. Tapi hanjakalna, buku anu disadiakeun can loba. “Lamun ieu perpustakaan, hoyong luyu jeung standar internasional, bukuna kedah jutaan sanes, ratusan rebu,” ceuk Enny.

Teu saukur kitu, Enny oge miharep,  kualitas, kuantitas sarana tur prasarana, oge sistemna tiasa barobah.  Masarakat,  oge mibanda peran nu kalintang diperlukeunana, utamana pikeun ngembangkeun jeung ngamajukeun perpustakaan jeung minat maca balarea. [] Adam Rahadian | Jurnalistik UIN Bandung


:: Praktek Mata Kuliah Jurnalistik Sunda |
    Prodi Jurnalistik Fakultas Dakwah dan Komunikasi |
    UIN SGD Bandung |

Blog, Updated at: 6:34 AM

INI DIA OKE

Popular Posts

Sponsor

BANDUNG OKE

BANDUNG OKE TV

Arsip Blog

Powered by Blogger.