Persib Juara, Bobotoh Bungah Luar Biasa

Posted by Sunda Oke on Sunday, November 16, 2014

BANDUNG – Bungahna teh nataku keur bobotoh mah basa Persib unggul jadi juara. Meunangna Persib Bandung ngalawan Persipura di babak pinal, ku dituntaskeun dina adu pinalti. Sabab di dua babak maen, skorna imbang 2-2. Dina adu pinalti, Persib akhirna unggul 5-3 ti Persipura.
Meunangna Persib teh meunang pangbagea ti sakumna bobotoh. Kota Bandung oge teu burung pinuh ku pesta kembang api jeung kompoy motor tur mobil, nu ngaramekeun Kota Bandung alatan Persib unggul jadi juara, Kitu tah dukungan Bobotoh jeung Viking  Bandung nu harita di lembur, alatan teu bisa ka Jakabaring, Palembang.
Harita, di Gasibu Bandung oge euyeub ku bobotoh nu marake baju biru bari lalajo make layar tanjep. Sanajan hujan, tetep ngabelaan ku sabab ku hayang ngadukung  Persib.
Ngeclak Cimata
Basa Persib unggul, teu saeutik pamaen jeung bobotoh Persib nu ngeclakkeun cipanon, teu kolot teu budak, sarua rembay pinuh ku kabungah. Matak teu kudu hemeng, lamun sabada Persib meunang, loba ibu-ibu jeung bapak-bapak nu di sisi jalan, nungguan  bobotoh nu kompoy.  Ieu teh bakat ku atoh pisan nempo tim kabanggaan maranehanana meunang, nepi ka jalan-jalan di Kota Bandung loba nu gogorowokan, “Persib nu aing juara! Persib menang euy!”.
Geus 19 taun  bobotoh nunggu ieu kabagjaan, ayeuna geus kacumponan. Bakat ku sono nungguan jadi juara, teu aneh mun meunang pangbagea teh.
Salain nu ngaramekeun di jalan-jalan, dina dunya maya sabangsa twitter, facebook jeung sajabanna oge loba rame ku status Persib meunang. Rupa-rupa statusna, tapi intin mah pada bungah, pada bagja Persib juara teh. Wilujeng Sib! [] Gery Cipta Sebangun | 1124050052 | Jurnalistik 5B UIN Bandung.

:: Praktek Mata Kuliah Jurnalistik Sunda |
    Prodi Jurnalistik Fakultas Dakwah dan Komunikasi |
    UIN SGD Bandung |


Blog, Updated at: 5:29 PM

INI DIA OKE

Popular Posts

Sponsor

BANDUNG OKE

BANDUNG OKE TV

Arsip Blog

Powered by Blogger.