Dipuji, Sabab Sukses Ngagelar IBX 2014

Posted by Sunda Oke on Sunday, November 16, 2014

Net
BANDUNG--Kota Bandung meunang pujian hade ti nu ngayakeun acara jeung ti nu datang. Nu jadi marga lantaran, sabab sukses ngalaksanakeun Indonesia Broadcasting Expo (IBX) 2014. Wilayah terpadu Trans Studio Bandung (TSB) kapeto jadi tempat ieu kagiatan broadcasting di Indonesia
Acara nu digelar salila tilu poe, 29-31 Oktober ieu teh kaitung sukses ngajak ratusan warga sangkan milu partisipasi dina ieu acara.
Acara nu dijieun ku Asosiasi Televisi Swasta jeung Komisi Penyiaran Indonesia (KPI) bisa disebut leuwih pariatip, sabab diayakeun oge kagiatan saperti seminar, workshop, jobfair, teu poho oge hiburanana.
“IBX nu ayeuna mah leuwih pariatip, loba kontennya,“ ceuk Adi Coco, perwakilan ti EO Tae Pro nu ngayakeun IBX 2014, basa dipanggihan di The Trans Luxury Hotel, Gatot Subroto, Bandung.
Acara nu didatangan ku 13 stasiun televisi swasta jeung radio lokal Bandung teh lumangsung meriah. “Reuwas, teu nyangka bakal kadatangan meh ku sakabeh stasiun TV di Indonesia,” ceuk W Okta Nahendra (22).
Kagiatan nu samemehna diayakeun di Jakarta ieu teh bakal jadi agenda mayeng saban taun, kusabab loba pisan nu ngarespon positif.

“Mudah-mudahan acara IBX taun hareup bisa dilaksanakeun di Yogya,  sanajan kota leutik tapi loba komunitas jeung warga anu resep dunia broadcasting,” kitu ceuk eta mahasiswa UIN Yogya, basa dipenta pamanggihna. [] Dina Siti Mauludina | Jurnalistik UIN Bandung



:: Praktek Mata Kuliah Jurnalistik Sunda |
    Prodi Jurnalistik Fakultas Dakwah dan Komunikasi |
    UIN SGD Bandung |

Blog, Updated at: 3:09 AM

INI DIA OKE

Popular Posts

Sponsor

BANDUNG OKE

BANDUNG OKE TV

Arsip Blog

Powered by Blogger.