Cara Gampang Ngaleungitkeun Jarawat

Posted by Sunda Oke on Sunday, November 16, 2014

Ku Dina Siti Mauludina

LOBA jelema, hususna kaum awewe nu stres pisan lamun dina pameunteuna loba jarawat (jerawat). Malahan teu saeutik nu uubar ku rupa-rupa ubar, ti mimiti ku jalan pangobatan tradisional nepi ka meja oprasi. Eta tarekah teh sangkan beungeut atawa pameunteu teh geulis deui, taya hiji oge nu ngaranna jarawat.
Pikeun ngaleungitkeun jarawat teh sabenerna teu kudu sahese jeung samahal kitu. Cukup nyaho rupa kulit, jeung kudu rajin sibeungeut tur ngajaga kadaharan nu asup kana awak.
Samemeh apal cara ngaleungitkeun jarawat urang kudu apal heula naon atuh ari jarawat teh? Jarawat teh, nyaeta kaayaan dimana pori-pori kulit kacocokan, nepi ka bijil kantong nanah nu ngaradang.
Nu jadi lantaran jarawat ngalobaan teh, diantaranana lantaran produksi minyak nu leuwih, sel kulit nu paeh, bakteri, obat-obatan, HP, nepi ka stres oge bisa jadi pamicu timbulna jarawat.
Teu kudu bingung neangan cara ngaleungitkeunana. Cukup turutan cara dihandap ieu. Bersihkeun heula pameunteu make sabun, terus garingkeun. Mun geus beres, pek kocok endog nu bobodasna nepi ka busaan. Balurkeun sing rata. Saenggeus 15 menit, beresihan pameunteu nepi ka bersih. Lakukeun dua kali saminggu.
Sok geura cobian, mugi-mugi wae tips di luhur aya mangpaatna. Wilujeng nyobian!

Dina Siti Mauludina, Mahasiswa Jurnalistik UIN Bandung

Blog, Updated at: 3:39 AM

INI DIA OKE

Popular Posts

Sponsor

BANDUNG OKE

BANDUNG OKE TV

Arsip Blog

Powered by Blogger.