Rancaekek Wetan Mintonkeun Kreasi Seni

Posted by Sunda Oke on Sunday, September 28, 2014

RANCAEKEK -- Rancaekek Wetan, salah sahiji desa nu kaiitung cukup nyongcolang di wewengkon Kacamatan Rancaekek, Kabupaten Bandung, mintonkeun “Peuting Kreasi Seni jeung Budaya Masyarakat”, Minggu (14-9).

Pupuhu panitia Dedi Djunaedi ngajentrekeun, acara pintonan eta teh dilaksanakeun minangka wangun apresiasi kana kinerja Kapala Desa (Kades) Rancaekek Wetan, Eman Sulaemana nu geus ngajabat salila sapuluh bulan. Dina masa kapangmimpinana, saur deui, pangladen nu dibaktikan ka masarakat geus kawilang maksimal.

“Simkuring ngahaturkeun nuhun ka Kapala Desa nu parantos masihan pangrojong sareng dorongan dina saban kagiatan di Rancaekek Wetan,” kitu ceuk Dedi.

Acara apresiasi seni, nurutkeun pangajenmnya, baris sanggup numuwuhkeun tali duduluran, utamana dina ngawangun silaturahmi jeung sakumna masyarakat.

Eman Sulaeman nu harita sakitu meunang pangbagea ti masyarakat teh ieu jadi adigung asa pangaingna. Malah mah pokna teh, boa pangladena nu dibaktikeun ka masyarakat teh can luyu sinareng harepan. Tapi sanajan kitu, raraosan mah usaha teh maksimal. [] Annisa Nurul Mufida | 1124050014 | Jurnalistik 5/A

Sumber Berita: Gala Media

:: Praktek Mata Kuliah Jurnalistik Sunda | 
    Prodi Jurnalistik Fakultas Dakwah dan Komunikasi | 
    UIN SGD Bandung |



Blog, Updated at: 6:06 PM

INI DIA OKE

Popular Posts

Sponsor

BANDUNG OKE

BANDUNG OKE TV

Arsip Blog

Powered by Blogger.