DPRD Garut Jangji Gawe Leuwih Daria

Posted by Sunda Oke on Thursday, September 25, 2014

GARUT -- Ade Ginanjar ti Fraksi Partai Golkar kapeto jadi Ketua DPRD Kabupaten Garut, Kemis (18/19). Salian ti eta, oge dilantik minangka Wakil Ketua DPRD Kabupaten Garut, nyaeta Yogi Yudha Wibawa ti Fraksi PDIP, Agus Riswandi ti Fraksi PPP, jeung Deden Hidayatullah ti Fraksi PKB.

Ade ngajentrekeun, DPRD Kabupaten Garut kudu sigap dina ngesahkeun tata tertib jeung alat kalengkepan dewan, di antarana netepkeun Badan Anggaran jeung Badan Kehormatan.

“Badan Anggaran kudu gura-giru ditetepkeun, sabab Bupati Rigas baris macakeun nota rancangan APBD 2015. RAPD moal bisa disahkeun lamun Badan Anggaran can dijieun,kitu ceuk Ade, sabada dilantik di Gedung DPRD Kabupaten Garut.

Ade nandeskeun, pihakna rek sageuwatna ngabentuk komisi-komisi. Kitu deui netepkeun ketua jeung anggota masing-masing komisi. Pikeun ngaronjatkeun kinerja dewan, Ade oge ngungkabkeun, rek nguatan kode etik, kaasup tata tertibna. Badan kehormatan oge kitu, sangkan DPRD Garut bisa gawe daria tur maksimal. [] Ahmad Sidik | 1124050009 | Jurnalistik 5/A

Sumber :  Tribun News, 18 September 2014


:: Praktek Mata Kuliah Jurnalistik Sunda | 
    Prodi Jurnalistik Fakultas Dakwah dan Komunikasi | 
    UIN SGD Bandung |



Blog, Updated at: 8:08 AM

INI DIA OKE

Popular Posts

Sponsor

BANDUNG OKE

BANDUNG OKE TV

Arsip Blog

Powered by Blogger.