Layonna Ngambang di Walungan Citarum

Posted by Sunda Oke on Sunday, September 28, 2014

BALEENDAH -- Fadlan Ramadhan alias Rama, saumuran budak dua taunan nu samemehna diwartakeun leungit di wewengkon Kampung Cembulpojok, Desa Rancamanyar, Kacamatan Baleendah, Kabupaten Bandung, ahirna kapanggih geus tiwas. Layonna ngambang di walungan Citarum, di daerah Margaasih, Kabupaten Bandung.
Ramana Fadlan, Dedi (23) ngaku meunang kabar ti kapolisisan poe Juma’ah beurang. Dedi tinangtu reuwas pisan, lantaran budakna nu leungit ti poe Rebo keneh (27/8/2014) teh ayeuna katimu geus maot.
Abdi nembe tadi beurang meunang kabar, yen pun budak kapendak di walungan, jeung tos dicandak ka RSHS,” saur Dedi, Juma’ah (29/8/2014). Kulawarga niat mastikeun yen eta teh Rama.
Asep, uwana korban ngajelaskeun, layon rama kapanggih geus ngambang di walungan Citarum di wewengkon Margaasih, Kabupaten Bandung. Patugas kepolisian ngaevakuasi jeung mawa korban ka RSUD Soreang. Tapi lantaran harita teu aya nu wanoh, atuh RSUD mihapekeun  ka eta layon ka RSHS Bandung.  [] Irham Izzaturrahaman | 1124050071 | Jurnalistik VB

 Sumber Berita: .......

:: Praktek Mata Kuliah Jurnalistik Sunda | 
    Prodi Jurnalistik Fakultas Dakwah dan Komunikasi | 
    UIN SGD Bandung |

Blog, Updated at: 6:48 PM

INI DIA OKE

Popular Posts

Sponsor

BANDUNG OKE

BANDUNG OKE TV

Arsip Blog

Powered by Blogger.