Asam Lambung Bisa Jadi Pamicu Kangker

Posted by Sunda Oke on Sunday, September 21, 2014

Lamun teu gura-giru diubaran,  ningkatna asam lambung nu mangtaun-taun bisa ngabalukarkeun kangker genggerong. Kusabab kitu, teu bisa diantep. Prak geura ubaran jeung biasakeun pola hirup nu sehat. Kaasup ngurangan kadaharan anu ngandung lemak.
“Lamun teu wae diubaran, eta asam lambung nu naek bisa sumebar asup kana organ sejenna, saperti paru-paru. Balukarna nimbulkeun asma,batuk, serak, jeung sinositis. Malah nu kawilang patal mah bisa jadi pamicu kangker,kitu ceuk Dokter Ahli Gastroenterologi ti Fakultas Kedokteran Universitas Indonesia, Ari Fahrial Syam, Juma’ah (16/5) di Jakarta, saperti nu dicutat ku Harian Umum Kompas, sawatara waktu ka tukang.
Ari ngajentrekeun, gejala gangguan lambung gastroesophageal reflux disease (GERD) teh mindeng teu kanyahoan ku nu miboga panyakitna. Ciri ieu panyakit, lumrahna nimbulkeun panas jiga kaduruk dina tulang dada, parait, jeung haraseum dina baham. Balukar naekna asam lambung kana genggerong, antukna dada oge jadi nyeri
Naekna asam lambung kana genggerong bisa ngabalukarkeun radang (esofagitis) dina genggerong. Mun hayoh wae diantep,  baris ngabalukarkeun robahna lapisan sel esofagus. Lamun henteu diubaran, balukarna bisa nimbulkeun kangker genggerong.
Nu jadi margalantaran, ceuk Ari , klep antara lambung jeung genggerong teu hirup normal. Akibatna asam lambung anu kuduna aya dina lambung bisa naek kana genggerong, malah bisa kana baham. Saumuran 20 – 40 taun kagolong riskan beunang ku ieu kasakit, boh kusabab stres loba pagawean boh lantaran gaya hirup nu teu sehat, saperti kabiasaan ngarokok, nginum alkohol, jeung kopi.
Kadaharan anu ngandung lemak, saperti coklat, keju, jeung daging bereum ngakibatkeun kosongna lambung nu lila. Normalna mah kadaharan teh ‘dicerna 6 jam. Salian ti eta, kudu ngabiasakeun ulah langsung sare saeunggeus dahar, minimalna 2 jam. []  Imas Uswatun H | 1124050067 | Jurnalistik VB

Sumber Berita: Kompas
Sumber Ilustrasi:  Cara Mengobati Asam Lambung

:: Praktek Mata Kuliah Jurnalistik Sunda |  
    Prodi Jurnalistik Fakultas Dakwah dan Komunikasi |  
   UIN SGD Bandung |



Blog, Updated at: 7:29 PM

INI DIA OKE

Popular Posts

Sponsor

BANDUNG OKE

BANDUNG OKE TV

Arsip Blog

Powered by Blogger.