Kaum Wanoja
Teu Miharep Dibéda-béda

Posted by Sunda Oke on Saturday, September 6, 2014

Kénging Rumpaka Mangle


Ketak wanoja Jawa Barat [Potrét/Ilustasi: rudi]
WARTA-warta sungkawa nu tumiba ka kaum hawa, tacan sirna. Tangtu, kaayaan kitu téh matak teu genah ngabandunganana. Ngan, kumaha ngungkulanana? Kaum wanoja boga ketak jeung tarékah, saperti nu dipilampah ku Badan Pemberdayaan Perempuan Perlindungan Anak Pengendalian Kependudukan dan Keluarga Berencana (BP3APKKB) Propinsi Jawa Barat. 

Hiji waktu, aya béja pikasediheun nu jolna ti Batam. Ceuk éta warta, aya awéwé nu asalna ti Cimahi, Jawa Barat, gering parna. 

Béja kitu, teu diantep, teras wé ku pihak-pihak nu gedé katineungnn ka kaum wanoja, saperti Dr. Hj. Nenny Kencanawati, M.Si. (Kepala BP3APKKB), Dra. Hj. Dian Mardianawati, M.Pd., (Kepala Bidang PUG dan Kerjasama), jeung sawatara urang nu séjénna, gancang maluruh kulawarga nu gering di Cimahi. Tapi, tétéla, najan puguh raratanana, éta kulawarga teu kapanggih.

Waktu nu gering rék dijemput ka Batam, titis tulis dihin pinasti, mungkas carita nu katalangsara. Nu gering téh mulang ka kalanggengan di pangumbaraan. “Layonna dikurebkeun di Batam,” ceuk Hj. Dian.

Warta kitu, lain éta-étana. Nu dicaritakeun di luhur mah, ukur sabagian carita nalangsa nu remen kaalaman ku kaum hawa urang tatar Sunda. “Kajantenan ‘human trafficking’ ti Jawa Barat masih kénéh kalebet nu pangseueurna,” pokna. Lantaran, ceuk ieu aktivis kaum wanoja téh, Jawa Barat, kaasup salah sahiji daérah nu panglobana ngiangkeun wanoja ka luar nagri jadi TKI.

Caritaan kitu, ditétélakeun ku Hj. Dian dina acara Rapat Koordinasi Fasilitasi Forum Komunikasi dan Kajian Gender Jawa Barat, sawatara waktu ka tukang, di Hotel Trio, Jalan Gardujati, Bandung.

Kakuatan Wanoja

Upama kaum wanoja remen kénéh katideresa, naon sababna? Tangtu wé, rupa-rupa lantaranana. “Kaum wanoja héngkér kénéh,” ceuk Dr. Hj. Nenny Kencanawati, M.Si., dina biantara waktu bubuka acara.

Dina bagian séjénna, ieu kepala BP3APKKB Propinsi Jawa Barat téh nétélakeun, pangwangunan Jawa Barat geusan ngaronjatkeun ajén kaum hawa teu kurang-kurang. Buktina, Jawa Barat narima pangajén ti Presiden nu tumali jeung kamampuhan Jawa Barat ngawangun ajén-inajén kaum wanoja. “Anugrah Parahita Ekapraya tingkat Madya, gambaran prestasi hadé Jawa Barat nu tumali sareng tarékah ngaronjatkeun ajén sumber daya manusa (SDM) kaum wanoja,” pokna.

Najan geus narima pangajén, tangtu lain hartina tutas pasualan. Da, nu karandapan ku kaum wanoja urang Jawa Barat mah, boh di lemburna boh di tempat séjén, loba kénéh kacida. Buktina, apan teu weléh bruh-bréh kajadian nu matak ngangres. Teu jarang kajadian, wanoja ngarandapan balai boh dina rumah tangga, boh di tempat mancén gawéna.

Ngawalakayakeun kaum ibu, ceuk Hj. Nenny, mémang teu babari, malah bangga kacida. Lantaran, bangbaluh nu tumali jeung salah hartina pamahaman ngeunaan ‘gender’ kacida matak rugina keur kaum wanoja.

Naon atuh ari ‘gender’ téh? Taya lian ti bédana peran, pungsi katut tanggung jawab antara lalaki jeung awéwé nu ngawujud ku lantaran wangunan sosial budaya. Hartina, gender mah, bisa robah dumasar kana kamekaran jaman jeung pangrojong masarakat.

Di masarakat, remen kénéh pacorok pamahaman antara ‘jenis kelamin’ jeung gender. Padahal, jelas pisan bédana téh. Jenis kelamin, sipatna biologis, mangrupa bawaan mimiti lahir, ku lantaran kitu teu bisa robah. Ari gender mah, ‘wangunan’ sosial/budaya masarakat, lain bawaan ti mimiti lahir, ku lantaran kitu, bisa robah.

Dina mekarkeun ajén-inajén kaum wanoja, butuh kasapukan pamahaman. Ku lantaran kitu, upaya-upaya ngawangun karep jeung tékad babarengan, perelu terus-terusan digederkeun. 

“Upaya nyamikeun gerak léngkah nu tujuan ahirna ngaleungitkeun jungkrang gender, saperti dina widang atikan ogé hak-hak séjénna, peryogi teras-terasan digederkeurn,” ceuk Kepala BP3APKKB téh.

Upama karep kaum wanoja bisa leuwih ngabogaan peran dina ngawangun masarakat, teu sing anéh. Da, boga kawajinan anu sarua jeung kaum lalaki. Nilik poténsina deuih, teu kurang-kurang. Jumlah kaum wanoja di Jawa Barat téh, kurang leuwih 50 persén. Hartina, kakuatan wanoja jeung lalaki téh saimbang!

Lian ti jumlah, organisasi kaum wanoja gé kacida lobana. Apan, nu aya dina wadah Badan Kerjasama Organisasi Wanita (BKOW) gé aya 62 rupana. Jumlah nu sakitu téh, bagerak dina rupa-rupa widang, kaasup sosial jeung kaagamaan (kurang leuwih 80 persen), pulitik (kurang leuwih 5 persen), jeung ngawalakayakeun kaum wanoja (kurang leuwih 15 persén). “Jumlah sakitu, tiasa janten kakuatan anu rohaka, kanggo kamaslahatan balaréa,” pokna.
  
Mimiti tina Kawijakan

Acara nu lumangsung 3 poé (13-15 Maret 2013) ceuk Ani Rostiani, S.Sn., MH., salah saurang panitia, diiluan ku 40 urang pamilon. Jumlah sakitu téh, ngawengku wawakil rahayat (anggota DPRD Jabar), partéy pulitik, LSM, jeung organisiasi wanoja.

Nilik kana pamilonna nu kawas kitu, écés, éta acara téh ngabogaan tujuan anu jinek. Saperti nu ditepikeun ku Ketua BP3APKK téa. Cenah, jejer kagiatanana gé, “Ngawal Nyusun Kabijakan nu Non Diskriminatif’. Hartina, pihak-pihak nu gedé katineungna jeung boga wewenang ‘matéahkeun’ kahirupan, dipiharep sangkan dina nyusun  kawijakan téh teu ngawilah-wilah hak kaum wanoja.

Pamilon kawas kitu, mémang penting pisan. Lantaran huluwotana kawijakan téh aya dina kakawasaan anggota dewan, salaku wawakil masarakat. “Mugia kagiatan sapertos kieu janten media anu pas kanggo ngahijikeun gagasan sareng buah pikiran dina ngawangun kakuatan kaum wanoja demi ngawujudna kakuatan sosial,” pokna.

Kagiatan harita mémang euyeub naker. Udagan saperti nu kagambar dina jejer éta kagiatan, ditepikeun jeung dipedar ku para narasumber nu ahli dina widangna. Di antarana, nu nepikeun gagasanana jeung pangaweruhna téh, Dra. Hj. Netty Prasetyani, M.Si., Dr. Elih Sudiana, M.Pd., Dipl. Ing. Hj. Diah Nurwitasari, Antik Bintari, SIP. MP., Neneng Yani, S.Ip., M.Si., Hani Yulindrasari, S.Psi. Mgendst., Ety Sumiati, S.Pd., Lilis Widaningsih, S.Pd. MT., Agustina M. Purnomo, SP., M.Si., Dr. Nina Djustiana, Drg., M.Kes., jeung Dr. Endah Ratnawaty Chotim, M.Ag., M.Si. ***

Sumber: Mangle Online

Blog, Updated at: 5:42 AM

INI DIA OKE

Popular Posts

Sponsor

BANDUNG OKE

BANDUNG OKE TV

Arsip Blog

Powered by Blogger.