SUMEDANG -- SMK 1 Sumedang rengse ngayakeun “Lomba Ketangkasan
Baris Berbaris” (LKBB) Paskibra nu kadua keur SMP/ MTS jeung SMA/SMK sa-Jawa Barat, Sabtu (12/11),
minggu kamari.
Ayana lomba paskibra
ieu teh nyedot perhatian sakumna nu resep jeung nu ngabogaan jiwa Paskibra. Buktosna
seueur pamilon nu datang ti luar Sumedang,
nu tujuanana miluan lomba LKBB Paskibra di SMK 1 Sumedang.
“Alhamdulilah,
pesertana ayeuna mah seueur, boh ti Sumedang boh ti luar Sumedang. Nu ti luar
sumedang mah, aya nu ti Bandung, Garut, Majalengka, Kadipaten, Karawang, sareng
Cimahi,” kitu ceuk Tisna Resmana, pupuhu
panitia LKBB Paskibra SMK 1 Sumedang.
Tujuan
diayakeunna ieu lomba teh, nyaeta pikeun silaturahmi jeung wadah ngumpulna
barudak paskibra. Nya kitu deui pikeun muka gawe bareng antar-sakola. Hal ieu luyu
jeung tema LKBB nyaeta “Sahate, Ngarante Rancage” nu hartina ngabeungkeut jeung
ngahijikeun hate nu sauyunan pikeun barudak Paskibra.
Wakil Kapala Sakola Widang Kesiswaan Dana ngajentrekeun, ayana
ieu lomba teh loba kahadean nu bisa dipintonkeun.
Salain ti silaturahmi nu baris ngalobakeun babaturan keur siswa, oge ngajarkeun
kadisiplinan, kakompakan, jeung gawe bareng.
Dana nandeskeun, eta kagiatan teh oge numuwuhkeun rasa
hormat ka saluhureun jeung ngahargaan ka sahandapeun, nu hal ieu teh teu salawasna
diajarkeun di kelas. Ayana ieu kagitan teh, oge pikeun ngawujudkeun silaturahmi antar-sakola jeung ngajauhkeun ayana
bentrok antar-sakola. [] Imas Uswatun Hasanah | 1124050067 | Jurnalistik 5B UIN
Bandung
:: Praktek Mata Kuliah
Jurnalistik Sunda |
Fakultas Dakwah dan Komunikasi |
UIN
SGD Bandung |
|