Pasar Minggon Manglayang Mawa Berkah

Posted by Sunda Oke on Sunday, November 16, 2014

Foto: Adit S Abdiyansah
BANDUNG--Pasar minggon Manglayang nu tempatna di sapanjang Jalan Cipadung jadi lahan neangan rejeki keur warga nu netep di sabudereunana. Pikeun warga nu aya di lingkungan Manglayang, ieu teh kacida ngabantuna kana perekonomian, utamana pangabutuh rumah tangga.
Ku nu daragang, oge karasa berkahna. Jufri (40), salah sahiji contona, manehna ngarasakeun berkahna. Aya untung beubeunang dagang teh, malah sakapeung mah sok nepi ka dua kali lipet modal daganganna.
“Abi ngical di di dieu tos 20 taun. Kauntunganana nepi ka dua kali lipat modal,”  ceuk Jufri, nu netepna di Cikuda.
Masarakat sabudeureun Manglayang mah ngarasa pisan mangpaatna ku ayana pasar minggon ieu teh. Contona Neti (25), salah sahiji warga Cipadung. “Pasar manglayang kacida ngabantosna. Hargana mirah pisan, sareng lengkap deuih,” pokna tandes naker.
Salian ti eta, masarakat oge lain saukur balanja kaperluan rumah tangga wungkul.  Tapi oge bisa bari nonton hiburan nu aya di eta pasar. Kuda Renggong, salah sahijina hiburanana. Warga oge bisa sarapan jajanan jeung kadaharan, di juru pasar.
“Abi kadieu teh ngadon jajan jeung sarapan wungkul,”  ceuk Rian (20), mahasiswa UIN Bandung, nu harita di tepungan. [] Adit Saputra Abdiyansah | 1124050005 | Jurnalistik VA UIN Bandung


:: Praktek Mata Kuliah Jurnalistik Sunda |
    Prodi Jurnalistik Fakultas Dakwah dan Komunikasi |
    UIN SGD Bandung |


Blog, Updated at: 5:21 AM

INI DIA OKE

Popular Posts

Sponsor

BANDUNG OKE

BANDUNG OKE TV

Arsip Blog

Powered by Blogger.